Data Loading...

PERKARA IKLAN JEUNG BEWARA Flipbook PDF

MATERI IKLAN JEUNG BEWARA


121 Views
24 Downloads
FLIP PDF 1.23MB

DOWNLOAD FLIP

REPORT DMCA

PERKARA IKLAN JEUNG BEWARA

PERKARA IKLAN JEUNG BEWARA Iklan, ceuk Kamus Besar Bahasa Indonesia (Moeliono Spk. 1988:322), nyaéta (1) warta pesenan (pikeun ngarojong atawa ngolo) balaréa ngeunaan barang atawa jasa anu ditatawarkeun; (2) wawaran ka balaréa ngeunaan barang atawa jasa anu dijual atawa dipasang dina media massa saperti koran jeung majalah. Wawaran (basa Indonésia: pengumuman), nyaéta naon-naon anu diwawarkeun atawa dibéjakeun ka balaréa. Tujuanana sangkan wawaran atawa berita anu diumumkeun nepi ka jalma anu ditujuna, utamana mah masarakat. Bewara téh bisa ditepikeun ku cara lisan bisa ku cara tulis. iklan ogé kaasup kana béwara, nyaéta pada-pada nepikeun informasi, tapi leuwih nyoko kana mangaruhan (pérsuasi) tur dagang (bisnis).

Babandingan iklan jeung bewara ébréh dina tabel ieu di handap.

RUPA-RUPA IKLAN Aya dua rupa iklan, nyaéta iklan sosial jeung iklan dagang. Iklan sosial atawa iklan layanan masarakat, nyaéta iklan anu tujuanana keur mangaruhan masarakat sangkan milampah kagiatan nu hadé atawa ulah milampah kagiatan. Ari iklan dagang mah nyaéta iklan anu ditujukeun sangkan masarakat meuli produk nu diiklankeun.

WANGUN IKLAN

Iklan baris atawa iklan mini Iklan baris atawa iklan mini, nyaéta iklan leutik tur singget anu diwangun ku sababaraha jajar

Iklan sandi Iklan sandi nyaéta iklan anu dibarengan ku tanda husus (sandi) anu kudu dicutat ku nu macana sangkan sumber pananya atawa jawabanana babari kanyahoan.

Iklan kulawarga Iklan kulawarga, nyaéta iklan anu eusina mangrupa warta pikeun kulawarga saperti kalahiran, tepung taun, papacangan, kawinan, pipisahan, kapapaténan, jsté.

CIRI-CIRI IKLAN JEUNG BEWARA Iklan mibanda ciri-ciri anu husus, di antarana waé: Ayana judul atawa jejer nu diiklankeun, Kalimahna parondok, Kecap-kecap nu dipakéna jelas hartina, Sipatna mangaruhan (persuasif). Tujuanana pikeun narik ati jalma lian, Carana bisa ku cara kaleuleuwihi (bombastis) atawa rahul/ngabohong (hiperbol), Biasana nganggulkeun produk barang atawa kagiatan nu diiklankeun.

MIKAWANOH KALIMAH WAWARAN

Pék tengetan contona ieu di handap! 1. Leuweung ruksak, cai béak, manusa balangsak. 2. Ngagenclangkeun cai, ngagenclangkeun kahirupan. Kalimah saperti kitu, anu eusina méré béja atawa ngawawarkeun hiji perkara disebutna kalimah wawaran Jadi, kalimah wawaran (deklaratif) téh, nyaéta kalimah anu gunana tur fungsina pikeun méré béja atawa ngawawarkeun, anu dipiharep jalma nu dibéré wawaran aya perhatian.

CIRI-CIRI KALIMAH WAWARAN 1. Wujud kalimahna salawasna ditungtungan ku tanda titik (.); 2. Wangun kalimahna bisa mangrupa kalimah salancar bisa mangrupa kalimah ngantét, 3. Eusi kalimahna méré béja atawa wawaran, jeung 4. Jalma nu narima wawaran dipiharep aya réspon nu mangrupa perhatian

Conto kalimah wawaran Rama téh ayeuna sakola di SMP kelas VII. Manéhna asalna ti SDN Mustika Jaya 1. Rama boga sobat-sobat anyar anu asalna ti SD séjén. Guru-guru di SMP mah béda-béda lantaran tiap guru nyekel mata pelajaran anu béda. Guru basa Sunda di SMP kelas VII, nyaéta Ibu Lisna.

PADIKA NEPIKEUN IKLAN JEUNG WAWARAN Wawaran tinulis/anu ditulis kudu nyoko kana éjahan jeung tanda baca anu merenah, saperti huruf gedé (kapital), huruf leutik, tanda peun (otik), koma, jeung sajabana. Ari wawaran nu ditepikeunana sacara lisan mah, sakurang-kurangna kudu nyoko kana tilu perkara 1. Lafal, nyaéta cara ngucapkeun huruf nu bener tur jentre. Nepikeun wawaran gé kudu bener ngalafalkeunana atawa ngucapkeunana Lafal /e/ kudu béda jeung huruf le atawa leu/ Ucapkeun: jéger, jeger, jeung jeger Lafal /n/ ulah patukeur jeung /m/ Ucapkeun sakumna jadi sakunna Lafal /g/ ulah kasilep ku /h/ atawa /k/ Ucapkeun: tablig, tablih, tablik 2. Volumeu, nyaéta halon atawa ngoncrangna nyorakeun kecap atawa kalimah. Tangtuna dina nepikeun béwara, sora téh kudu écés kakuping ku balaréa; tong saperti nu diheungheum atawa haharewosan 3. Intonasi (lentong), nyaéta naék turunna lagu/wirahma nyarita

PADIKA NEPIKEUN IKLAN JEUNG WAWARAN Ku pentingna wawaran, rék ngeunaan informasi naon waé, dina nepikeunana ulah gagabah, lantaran aya tatakrama atawa tata carana 1. Nepikeun wawaran kudu maké basa Sunda anu merenah tur sopan 2. Sikep urang waktu keur nepikeun kudu hadé. 3. Sora urang waktu nepikeun wawaran kudu ngoncrang tur écés. 4. Wawaran anu ditepikeun eusina penting keur dipikanyaho ku batur. 5. Wawaran anu ditepikeun eusina kudu bener, lain béja bohong. 6. Upama hiji waktu urang nepikeun wawaran, ulah sieun lamun aya nu nanyakeun. Lantaran teu salawasna eusi wawaran anu ditepikeun ku urang téh bisa langsung kapaham ku batur. Ku kituna, urang téh kudu daék malikan deui atawa leuwih ngajelaskeun eusi wawaran anu ku urang ditepikeun.