Data Loading...
sisindiran Flipbook PDF
sisindiran
114 Views
69 Downloads
FLIP PDF 304.71KB
Pangajaran 2 nyieun SISINDIRAN
Paparikan Wangun
Rarakitan wawangsalan
Sisindiran
Piwuruk Eusi
Silih asih Sesebred
Numutkeun M.A Salmun sisindiran nya éta kasenian ngaréka basa anu diwangun ku cangkang jeung eusi pikeun ngedalkeun maksud anu teu saceplakna bari dipamrih karesmiannana.
Ciri-ciri Sisindiran • Sapada diwangun ku opat jajar. • Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. • Jajaran ka hiji jeung kadua disebutna cangkang. • Jajaran katilu jeung kaopat disebutna eusi. • Sora vokal dina tungtung jajaran cangkang, murwakanti (sasora) jeung vokal dina tungtung jajaran eusi.
• Contona Aya lumut dina batu
8-u
Aya kuya di muara
8-a
Kedah tumut kana waktu
8-u
Di dunya urang ngumbara
8-a
Cangkang
Eusi
• Piwuruk
Silih asih
Sesebred
samangka melak di tonggoh melak pala dina bala tong waka boga kabogoh sakola tamatkeun heula dagang seureuh papatungan cangkaléng laku sasiki euleuh itu popotongan dikaléng ku aki-aki cau naon cau naon cau kulutuk dihuru bau naon bau naon bau nu hitut di juru
Wanda sisindiran dumasar Wangunna • Paparikan Asalna tina kecap parek anu hartina deukeut. Anu padeukeutna nya éta sadana atawa sora dina dua padalisan cangkang jeung dua padalisan eusi. Contona: ti Soréang ka Garunggang mésér béngsin satalenan sanaos arang patepang batin tetep sasarengan
• Rarakitan Asalna tina kecap raket anu hartina deukeut. Raket didieu nya eta raket sora atawa sadana antara cangkang jeung eusi. Contona: kamana nya nyiar payung sakieu panas poéna kamana nya nyiar duyung sakieu panas haténa
Sisindiran Sapanjang jalan soréang Moal weléh diaspalan Sapanjang tacan kasorang Moal weléh diakalan Aya listrik di masigit Caangna kabina-bina Aya istri jangkung alit Karangan dina pipina Peupeujeuh ari ka dayeuh Meuli kupat jeung goréngan Peupeujeuh lamun geus euweuh Ulah ngupat kagoréngan Ciung lain kérak lain Japati belang jangjangna Sieun lain éra lain Éra sotéh ku bapana
Cét tembok meuli di toko Sééng nyengsreng kasaatan Ulah sok beuki ngaroko Goréng kana kaséhatan
Wangun
Eusi
• Wawangsalan • Wawangsalan asal kecapna tina wangsal anu hartina wangsul, maksudna balik. Wawangsalan nya eta hiji wangunan sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi sarta disatukangeun eusina mangrupa tarucing. Contona : teu puguh monyét hideungna teu puguh tungtungna (Lutung) Béas ditutuan deui Iraha atuh patepung (Tipung)
Teangan jawaban tina tarucing wawangsalan ieu di handap Gedong ngambang di sagara, Ulah kapalang nya bela Sok rajeun ngabuah kawung, curucud cipanon bijil Teu beunang di supa dulang Teu beunang dibebenjokeun Kalong leutik saba gedang Abdi mah sok palay teuing Belut sisit saba darat kapiraray siang wengi Teu beunang di hurang sawah teu beunang dipikameumeut
• Ayeuna urang latihan ngarang sisindiran (dua jieun rarakitan tilu jieun paparikan) ! 1. ................................................ ................................................. ngomong Inggris mani tapis Hanjakal Sunda teu bisa 2. ................................................. .................................................. ngimpi hayang jdi dokter ngitung bae acan bisa 3. ................................................... ................................................... lamun tepung jeung Neng nani *) salam ti abdi nu ganteng*) 4. ................................................... ................................................... Pa Ahmad guru Fisika*) keur kasep teh jaba bageur*) 5. ................................................... ................................................... hayang geura naek kelas komo mun rengking kahiji
• Baku sok ngalebu badag Reueus keur sareng jeung istri ....................... • Bulu panon wates taar Itu nyai mani geulis ........................ • Dudukuy panjang gagangna pikir bati ngalanglayung ........................ • Maung tutul saba kasur Diri teu ngeunah cicing ....................... • Kebon pare dicaian Siwah niat jalir jangji ......................